Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat untuk Tugas Sekolah

8 Agustus 2022, 11:39 WIB
Contoh Biantara Sunda. /Pixabay/mohammed_hassan./

DEMAK BICARA - Berikut akan dibagikan contoh biantara sunda yang singkat untuk tugas sekolah.

Bagi Anda yang mendapat tugas membuat pidato atau biantara bahasa Sunda bisa cek di sini.

Telah tersedia di bawah contoh pidato dalam bahasa Sunda singkat yang cocok untuk tugas.

Kembali lagi dengan tugas membuat biantara bahasa Sunda.

 

Anda yang kebagian membuat tugas satu ini bisa cek seperti apa di sini.

Baca Juga: Apa Itu Anthem Artinya Adalah Ini Hingga Viral di TikTok, Berikut Penjelasannya

Baca Juga: CONTOH Soal Pretest PPG Kemenag 2022 PDF, Download Soal Pretest PPG Kemenag 2022 Beserta Jawabannya

Inilah contoh biantara Sunda dengan tema menjaga kesehatan.

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat.

Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb.

Artikel ini sebelumnya tayang di Serangnews dengan judul "Contoh Biantara Bahasa Sunda Singkat, Jelas dan Padat, Pidato Bertema Menjaga Kesehatan".

Itulah contohnya yang bisa diketahui. (Masykur Ridlo/Serangnews).***

Editor: Maya Atika

Tags

Terkini

Terpopuler